
Tisaprak nga-blog sigana teh can pernah sim kuring nulis ku basa Sunda. Sanes poho ka karuhun, tapi da rumaos basa Sunda na kacida goreng, bareto basa SD wae langganan peunteun genep weh mun palajaran basa Sunda mah.
Malahan basa SMP, leuwih gedean nilai Bahasa Inggris tibatan Basa Sunda atawa Bahasa Indonesia. Padahal da sapopoe mah dipake terus Basa Sunda teh, ngan nya eta... Basa Sunda ala
okem, maklum di Bandung tea... salian ti rada kasar, tara kaliwat unjang-anjing mun ngobrol jeung batur teh.
Terus mun geus repeh ngobrol jeung saha wae, hiburan peuting nu sok didengekeun khusyuk teh naon deui mun lain
Wayang Asep, nuturkeun polah laku gelo si Cepot jeung dulur-dulurna. Puguh weh atuh nu ngarana kabisa ngomong lemes ge beuki sirna...
Komo deui atuh mun di imah, atawa keur nganjang di imah dulur, unggal maksakeun ngomong Sunda nu rada serius, pok weh kolot teh sok sasadu...
"Boy, tong ngomong Sunda lah, teu pantes".
Haiyah! (bay)